Patanjala

Lokalitas

Hayu Urang Pepelakan

Ku: Hayati Mayang Arum

Nagara Indonésia nu kawentar nagara agraris sigana beuki lila mah aya bahan bakal beuki pareum pamorna. Dina jaman nu serba hurung hérang, sarwa canggih hampir kabéh nonoman ngarasa géngsi kana tani, kiwari leuwih milih digawé di pabrik deungeun-deungeun najan ukur jadi jongos atawa buruh ripuh, sigana karasa ku maranéhna mah meureun leuwih bermartabat batan jadi bulu taneuh, ngurus pakaya. Sawah ngahgar kebon nganggur teu ka urus sabab nonomanna beuki anti kana tani. Patani kiwari lain mukti nu kapimilik, nu puguh mah ukur tinggal daki.

Hal ieu geus nyirikeun yén generasi kahareupna dina widang tani némbongkeun kana bahan kamunduran. Beuki loba nonoman nu leuwih milih nganggur batan teu gawé di pabrik-pabrik atawa took-toko. Lamun kitu carana, otomatis kabutuhan pangan bakal loba gumantung kana impor ti nagara deungeun, nu bakal ngabalukarkeun beuki marahalna bahan poko. Sedengkeun Indonésia sorangan geus kasohor ku subur mamurna, ceuk paribasana tanah Indonésia nacebkeun rokrak ogé bisa jadi tutuwuhan.

Mahalna bibit jeung gemuk katut obat-obatan jadi alesan, jeung salasahiji paktor nu ngabalukarkeun turunna olahan tani. Padahal hal ieu geus sawajibna diurus ku pamarétahan, boh ku cara ngusahakeun subsidi atawa usaha ningkatkeun ngolah gemuk jeung obat-obatan tradisional (organik) nu aya disabudeureun urang sangkan leuwih hadé.

Teu wajar kacida, lamun Indonésia sagala kabutuhan panganna gumantung ka dengeun. Kiwari ogé geus kabuktian loba pisan hasil tani samodél conto bawang bodas, nepi ka béasna geus gumantung ka nagara lian. Aya paribasa beurit kalaparan dina jero leuit. Ongkoh subur tapi arembung ngolahna. Ongkoh ékonomi hayang maju tapi hirup garumantung kana perusahaan deungeun nu ngan saukur ngeduk kauntunganna wungkul tanpa aya timbal balikna pikeun nagara Indonésia.

Jawa Barat, nu jadi pabéasanna kiwari mah geus tinggal ngaran. Loba pisan sawah-sawah jeung kebon nu di robah jadi pérum, di bareuli ku Cina, Koréa dijarieun pabrik, ruko jeung gudang panyimpenan barang. Masarakat teu sadar yén sawah, kebon jeung leuweung nu dijarual  téh sumber kahirupan nu utama. Kabita ku pangolo duit hasil tanah nu gedé tapi ngan ukur saharitaeun. Tong boroning di kota gedé dalah di kota leutik samodél Tasik jeung Ciamis, sawah, kebon geus beuki béak di paraké ngawangun, bari saleuheung lamun nu bogana urang pribumi. Ieu mah saukur deungeun-deungeun haseum nu hayang nyeuseup kauntunganna wungkul. Hasilna, dibawa ka masing-masing nagarana. Sawah jeung kebon geus jadi korban saeutik gedéna hampir rék kakuasai kabéh. Lamun geus kitu panghasilan paré beuki kurang, hargana beuki mahal, otomatis deui rahayat beuki ngajerit.

Sabenerna saha nu salah jeung pantes di salahkeun. Naha wajar rahayat nyalahkeun pamingpina, atawa sabalikna pamingpin nyalahkeun rahayatna. Teu kudu silih sedekeun sabab palebah dieu dibutuhkeun kadaran saréréa. Rahayat ulah kabitaan ku jalama asing nu meuli tanah mahal. Kitu deui pamaréntah kudu bisa nyiplin rayatna jeung kudu ngawatesanan kana kabébasan invéstor asing nu datang ngadon nyarieun pangwangunan pikeun kauntungan pribadina.

Teu saeutik tanah sawah nu dijarieun mall jeung supermarket rambat kamaléna ka ditu ka dieu. Pasar tradisional anu ngajual rupa-rupa hasil tatanén jadi paéh sabab masarakat geus kapangaruhan ku sipat hedonisme jeung géngsi balanja di pasar tradisional. Pikeun patani rugi kacida sabab hasil tatanénna teu payu rajeun payu dina harga nu di pépénghék, sabab supermarket narima hasil tani impor anu geus di kemas sangkan katempo méwah jeung miboga daya tarik.

Sigana patani jaman kiwari dibutuhkeun kaahlian jeung kaparigelan dina ngungkulan pasar modérn sangkan sayuran atawa hasil tani séjénna bisa asup ka supermarkét teu maké produk impor. Hal ieu kudu jadi bahan pamikiran pamaréntah jeung réngrénganna dina enggoning ningkatkeun hasil tatanén. Boh dina widang ngolahna, atawa téorina. Leuwih hadé deui lamun di ayakeun sakola luhur atawa sakola kajuruan anu husus tekun dina widang ngolah tatanén, hal ieu salah sahiji cara sangkan nonoman teu ngarasa géngsi nyekel doran pacul, atawa tandur di sawah. Sugan ari boga “titél”  jeung aya saragam husus pikeun tani mah teu géngsian deui. Hartina manéhna bakal ngarasa reueus ku idéntitasna salaku patani anu mukti. Tapi teu kudu kitu ogé, sigana mun pada-pada sadar mah teu kudu maké implik-implik nu karitu patut. Da geuning teu saeutik nu hasil dina tanina tanpa ngaliwatan nu kitu.

Pola tani Indonésia sabenerna geus ngamancanagara. Nepi ka kungsi di tiron ku Thailand. Nu ahirna, muncul hasil olahanna nu ngatasnamakeun Bangkok, samodél conto jambu bangkok. Atuh dina widang ternakna ogé nepi ka aya hayam bangkok. Dina palebah dieuna, éra pisan salaku anu ngabogaan pola kalah teu boga kaunggulan dina hasil tanina. Thailand utamana dina jaman Soeharto kacida miguruna kana pola tani Indonésia. Tuluy keur jaman Mégawati Indonésia kungsi ngaprésiasi kana hasil tani Thailand, tapi Thailand malah nganuhunkeun Indonésia geus jadi guru pikeun maranéhna.

Teu cukup Thailand, Malaysia ogé nyonto ka Indonésia, nu ahirna nepi ka ayeuna, dua nagara tatangga éta kacida majuna dina widang tatanén. Sedeng Indonésia salaku guruna masih ngajeten teu kaditu teu kadieu. Sabada nilik kana kaayaan kitu, ketak pamaréntahan jeung wargana kacida dianti jeung diperlukeunna pikeun nanjeurkeun deui hasil tani, ngawujudkeun deui patani nu sugih mukti, miceun paribasa patani ngan kari daki. Titél nagara agraris ulah ukur béja tapi kudu terus nanjeur.

Nu ngarora ulah boga rasa géngsi boga pakasaban ngurus tanah, sabab tani mangrupa pagawéan anu mulya, lamun dibandingkeun jeung kudu rahul mah satata jeung mentri. Sabab naon, lamun taya patani, presidén gé moal bisa dahar. Sigana payus pisan lamun dina poé-poé spesial, nonoman ngayakeun gerakan “Mari Bertani” upamana, dina poé kawinan atawa milangkala sajalma wajib melak tutuwuhan dina lahan nu masih kosong.

 

Gambar

Dimuat di Ligar, H.U Kabar Priangan. Jumaah, 7 Pébwari 2014

 

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: