Patanjala

Lokalitas

Urang Sunda jeung Galeuhna

Ku: Hayati Mayang Arum

Upayakeun galeuh budaya ulah nepi ka ipis, sok komo mun nepi ka ledis, wah harianeun. Kabéh suku bangsa pasti ngabogaan galeuh budayana séwang-séwangan nu kudu dipikareueus jeung dijaga sing daria. Kitu deui budaya urang, budaya Sunda nyatana. Dina kanyataanna ceuk para ahli, budaya Sunda téh budaya nu beunghar. Di galeuhan ku basa nu jembar digaleuhan deui ku aksara jeung ku kacapi sulingna. Tapi kaayeunakeun geuning tilu galeuh budaya urang téh beuki ipis waé.

Nurutkeun Helin Syamsuri (Rédaktur Manglé) galeuh budaya Sunda téh nya aya tilu, kahiji basa, dua aksara, tilu kacapi suling. Naha bet tilu anu pokona. Sabab basa, aksara, kitu deui alat musik ngajadikeun ciri ayana hiji budaya Sunda. Dimana urang lunta ka luar Tatar Sunda, bakal karasa geter kasundaan saupamana ngadéngé aya jalma nyarita Sunda, sok asa papanggih jeung dulur, mun ningali réngkolna aksara bakal inget ka lembur, kitu deui lamun ngadéngé gelikna suling jeung jentréng kacapi bakal aya nu ngalir kana getih, geter-geter nu nyambungkeun kana rasa. Rasa Sunda bakal ngancik tur nyaliara. Ku kituna éta nu disebut galeuhna budaya, kuat ngalir kana saurat-urat.

Kakuatan galeuh budaya, bakal ngakar kuat dina diri hiji jalma. Ceuk carita baheula, keur jaman gorombolan, dileuweung gegedugna teu sieun ku musuh teu sieun ku pakarang. Étstuning bedang taya tandingna, tapi nalika dina radio ngadéngé Jemplang Karang, Euis Kartini sajahat-jahatna PKI langsung ngarumpuyuk rag-rag cimata. Didieu ngabuktikeun conto yén kakuatan galeuh budaya éstu rohaka.

Lamun ditilik kiwari, raketna urang Sunda jeung basana éstu turun pisan. Pakta-pakta anu ngabuktikeunna diantarana, geus kurangna urang Sunda hususna barudak ngora nu daék ngagunakeun basa Sunda dina sapopoéna. Kitu deui ku lobana para “ibu muda” nu leuwih milih ngajarkeun basa malayu jadi salasahiji paktor leungitna basa indung. Geus harianeun ari anu nyebut hésé jeung éra mah. Sok padahal, hésé sotéh alatan teu digunakeun, dalah lamun digunakeun mah bakal jadi kabiasaan, merenah pisan cumarita ku basa sorangan téh.

Basa Sunda téh mangrupa galeuh budaya nu perlu dironjatkeun. Sabab dimana galeuh budayana leungit, tangtu bangsana ogé bakal leungit. Ulah nepi ka urag Sunda, isuk jaganing pagéto ukur carita nu nyésa ukur dongéngna. Tapi, teu nutup kamungkinan hal éta bisa kajadian. Sabab lambat laun waktu nuturkeun, jeung bakal ngarobah kaayaan. Hal ieu bakal kajadian saupamana diantep kitu waé, komo dipangaruhan ogé ku paktor kasajagatan anu teu disinghareupan ku cara nu cerdas jeung wiwaha. Anu baheula mah urang Sunda téh homogén kiwari mah geus campuraduk, hétérogén. Hartina geus loba nu lain pituin urang Sunda (basteran).

Ramalan lambat laun leungitna jatidiri Sunda ieu, bisa ditilik jeung di titénan tina kahirupan urang Sunda anu kiwari geus aya sababaraha unsur dina diri urang Sunda nu ngipisan. Nya éta ngan kari 75,23 % na urang Sunda anu dumuk di tanah Sunda, hartina, loba urang Sunda nu cicing di tanah nu séjén kitu deui nu séjén loba nu dumuk di tanah urang. Hal ieu bakal mangaruhan kana budaya asli urang. Balukarna ngan kari 65,82% na urang Sunda ngagunakeun basa Sunda anu hadé, kari 70% urang Sunda anu ngagem agama Islam, ngan kari 61,85 % urang Sunda nu ngawariskeun basa ka rundayanna, kiwari kolot-kolot geus teu ngadidik barudakna basa nu hadé luyu jeung undak-usukna, geus puguh ari mang- dongengkeun saméméh saré ku dongéng Sakadang Kuya, Lutung Kasarung, mah nu tara téa.

Kadaharan nu di produksi atawa di konsumsi ku urang Sunda, kiwari kari 52,45% na. Barudak jaman ayeuna geus teu beuki malah teu apal-apal acan kana kadaharan samodél gegeblig, adas, apem, katimus, jsb. Kitu deui kana cara mungkus kadaharanna geus teu apal jeung geus teu bisa ngabédakeun pungsina pincuk, pencok, cangkédong, jst. Kiwari, kadaharan urang Sunda geus kabawakeun ku kadaharan praktis jeung instan nu kari am.

Anu mikaresep  musik Sunda tur anu masih kénéh dipaké, ngan kari 41,95 % na. Boh dina sapopoéna, boh dina aya acarana, musik Sunda anu dipaké mines pisan. Geus saeutik jalma nu tekun dina widang karawitan, geus saeutik urang Sunda nu diajar alat-alat kasenian buhun.

Nu milendep kana kawih Sunda kiwari kari 35,82 % na. Hal ieu diakibatkeun ku langkana kolot nu mang ngawihkeun budakna nalika dipépéndé, atawa ngajarkeun budak nu kakara ideng kana kawih-kawih Sunda, ku pupuh, ku wawacan jst. Ti lelembut, nu pangheulana dikanyahokeun ku budak  nyatana K-POP, atawa lagu-lagu séjénna, teu héran lamun beuki dieu kawih-kawih Sunda beuki tilem.

Ku ayana ngaglobalna alam, teu héran lamun urang Sunda geus jarang nu kawin kanu sabangsa jeung sabasa. Lobana urang Sunda nu lunta ka jauhna ngabalukarkeun mareunang jodo kanu béda basa  budayana. Lamun kolot baheula boga anak, nu diwanti-wantikeun téh hayang boga minantu kanu sabangsa, sabasa jeung saagama.  Kiwari mah dibébaskeun balukarna ngan kari 41,38 % na urang Sunda nu rimbitan kanu sabasa. Didieu nimbulkeun pacarukna dua budaya, nu ngaakibatkeun rundayan nu teu pituin Sunda.

Nu maraca majalah basa Sunda beuki orot, ukur kari 34,34% na. Sa-Tatar Sunda, teu saeutik majalah Sunda anu medal, tapi kurang nu macana. Hal ieu ngabalukarekun sababaraha média anu pareum. Lolobana masarakat milih média éléktronik, ahirna poho kana média citak, hususna anu maké basa Sunda. Papakéan anu pang minesna. Papakéan nu jadi ciri dangdanan Sunda kiwari geus teu katempo deui. Ngan kari 25,41% na.

Salaku urang Sunda, naha teu boga rasa prihatin ningali kaayaan nu sarupa kitu. Kumaha jadina lamun ramalan tumpesna urang Sunda nyata kajadian, palias. Ku kituna, saméméh hal goréng éta nimpah ka urang, satékah polah urang singkahan ku cara nanjeurkeun deui naon-naon nu geus ngipisan. Najan gonjang-ganjingna dunya geus moal bisa kacegah deui, tapi minimalna urang teu kaleungitan naon nu jadi galeuhna diri urang salaku bangsa nu berbudaya. Galeuh budaya tong nepi ka leungit, sabab dimana galeuh budayana leungit, leungit ogé bangsana.

 

 

Dimuat di Ligar, H.U Kabar Priangan. Jumaah, 6 Désémber 2013

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: