Patanjala

Lokalitas

Sajarah Basa Sunda

Ku: Hayati Mayang Arum

Basa Sunda téh basa indung. Atawa sok disebut ku istilah first language (basa utama) pikeun urang Sunda boh nu aya di jero atawa luar Tatar Sunda. Timbul hiji pananya ngeunaan sajarah basa Sunda. Timana asalna, kumaha perkembanganna, pungsi sarta kalungguhanna.

Gambar

Basa Sunda robah sarta terus ngarekahan ti jaman ka jaman, ti mangsa ka mangsa. Basa Sunda nu kiwari nyampak téh mangrupa kamekaran anu di pangaruhan ku budi, akal, waktu, jeung unsur patempatan anu kasorang dina kahirupan urang Sunda.

Basa mibanda pungsi nyumponan masarakat widang komunikasi dina hirup kumbuhna. Aya paribasa basa téh cicirén bangsa. Ku kituna teu héran upama budi parangi, cara mikir, pakasaban, seni, budaya, agama katut pangaweruh bisa kagambar jeung kabaca tina basana.

Pangaruh-pangaruh kamekran basa Sunda sajaba ti jero lingkungan, kapangaruhan ogé ku luar lingkungan. Komo kieu dina jaman kasajagatan, urang Sunda geus ngayakeun patalimarga jeung lingkungan bangsa lian. Teu héran upama kamekaran basa beuki kapangaruhan. Aya paribasa ngindung ka waktu ngabapa ka jaman. Hal ieu nimbulkeun dua pangaruh, hadé jeung goréngna.

Nurutkeun buku-buku sumber sajarah, urang Sunda kaasup salah sahiji sélér bangsa Indonésia, tunggal sakaruhun kénéh jeung Acéh, Bali, Jawa, Minangkabau, samalah sakaruhun ogé jeung urang Viétnam, Cina, katut Pilipina. Malencarna ti tanah asal kira-kira 2000-1500 SM (Yunan/Hindia Tukang) kulantaran ayana bahaya kalaparan, kasakit, bencana jeung di rurug ku musuh.

Lamun di tilik tina asal muasalna sakaruhun, teu héran saupama basa-basana ogé mibanda hiji kasaruaan. Contona, urang sunda mibanda sora é, e, jeung eu. Hal ieu dipibanda ogé ku urang Acéh jeung Bali. Hiji bukti deui dina kecap-kecap anu mirip nyaéta Lisung (Basa Sunda), méh sarua jeung Lesung (Basa Jawa), Lesong (Basa Madura), Losong (Basa Tagalog), Lisuh (Basa kawi), Lisong (Basa Dayak), jst.

Sajarah basa Sunda teu leupas tina pamanggih nu aya di jero masarakat katut rupa-rupa budaya deungeun. Teu héran saupama lumangsungna kontak budaya jeung budaya deungeun gampang asupna, salah sahijina budaya Mataram, Hindu, jeung budaya Kulon milu mangaruhan kana basa jeung kapribadian urang Sunda.

Tina bahan sumber basa, sastra, budaya ti bihari nepi ka kiwari natrat sajarah basa Sunda , anu di wangun papasingan basa dina lingkungan nu tangtu jeung nurutkeun kana galuring basa anu husus (periodisasi). Nurutkeun Buku Pedaran Basa Sunda kénging Yayat Sudaryat, gurat badag galuring basa Sunda dibagi tilu bagéan, nyaéta basa Sunda mangsa bihari (Méméh taun 1600 M), basa Sunda mangsa kamari (1600-1945 M), jeung basa Sunda mangsa kiwari (1945-Kiwari).

a. Sajarah Basa Sunda Mangsa Bihari (Méméh taun 1600 M)

Pangaruh animisme dinamisme dina mangsa harita mangaruhan kana basa anu leuwih deukeut kana basa Sanksekerta katut hurupna nyaéta Pallawa. Kosmos buhun jadi ciri dina galuring basa mangsa ieu. Hal ieu dibuktikeun dina naskah-naskah buhun, prasasti batu tulis atawa sastra lisan. Basa Sunda méméh taun 1600 M miboga pancén jadi basa nagara di Salakanagara, Tarumanagara, Sunda, Galuh, Kawali jeung Pajajaran.

b. Mangsa Taun (1800-1900)

Kontak antara masarakat Sunda jeung Bangsa Eropa gedé pisan pangaruhna kana kamekaran basa dina jaman ieu. Bangsa urang nu ngalaman rupa-rupa pangjajah jeung ngalaman rupa-rupa parobahan aturan anu nimbulkeun kasangsaraan. Ti mimiti Bataafsche Company (1799-1807) nepi ka Walanda (1816). Mimiti rada laluasa sabada taun 1871. Dina mangsa harita basa Sunda mimiti di paké deui dina wangun tulisan. Tapi dibarengan ogé ku kamekaran séjénna nyaéta masarakat diwajibkeun maké basa malayu. Teu héran saupama masarakat ngagunakeun dua bahasa anu teu sampurna. Nepi ka basa Sunda téh kamalayu-malayuan. Kitu deui basa malayu ka Sunda-sundaan. Nya tidinya sababna sok aya anu disebut “Basa Sunda Kamalayaon.” Mangsa ieu basa Sunda mimiti meunang panitén pikeun bahan panalungtikan.

c. Mangsa Taun 1900-1945 M

Dina mangsa ieu bangsa urang geus ceuyah ngayakeun pergerakan Nasional pikeun ngalawan panjajah, Walanda jeung Jepang nepi ka merdékana dina taun 1945. Dina mangsa ieu basa Sunda terus di paké tapi kulantaran aya campur baurna antara peperangan Indonésia, Walanda jeung Jepang anu silih musuhan, bangsa urang sajaba ti maké basa Sunda di wajibkeun maké basa Malayu.

Pananlungtik basa Sunda jaman ieu beuki loba boh urang Sundana boh urang deungeun. Hal ieu dicirian ku ayana karya tulisan diantarana buku Elmoening Basa Sunda (Ardiwinata 1916) Soendaneesche Spakkunst (Coolsma, 1904), Panjungsi Basa (Soeria di Raja), jst. Kitu deui anu magrupa kamusna muncul, kayaning Soendaneecsh-Hollandsch Woordenboek (Coolsma, 1913), Kamus Sunda -Malayu, Kamus Sunda-Indonésia, kamus Indonésia-Sunda (Satjadibrata, 1913-1970)

Dina prungna PD II, basa Sunda tetep terus di paké dina atikan jeung kabudayaan. Basa Sunda mangsa ieu geus meunang pangaruh ti bangsa Kulon, jeung pacampur jeung basa-basa séjénna. Kayaning Arab, Jawa, Malayu, katut basa Walanda, tapi najan kitu ésénsi kasundaana mah tetep nganteng.

Pustakamangsa nu medal di jaman ieu diantarana Poesaka Soenda (1923), Sipatahoenan (1923), Parahyangan, jst. Anu satuluyna dina mangsa 1945 sabada merdéka, jiwa jembar Sunda hudang deui napakeun deui ajén injén tangtungan anu di cirian ku makéna basa nu merenah.

Tradisi kalawarta dina basa Sunda mahabu, diantarana Lingga (1950), Siliwangi, Manglé, Panghegar, Kudjang, jst. Taun 1952 diayakeun konferensi basa Sunda hasilna LBBS (Lembaga Basa jeung Budaya Sunda)

Dina mangsa ieu muncul rupa-rupa buku jeung kamus sarta rupa-rupa hasil panalungtikan. Hasil panalungtikan kawilang loba kitu deui proyék-proyék seminar, panataran, sawala jeung nu séjénna gecek dilaksanakeun.

Kalungguhan jeung pungsi basa Sunda nyaéta salaku lambang ajén inajén budaya tur ngabogaan kalungguhan anu tangtu luyu jeung ukuran waktu.

Dina mangsa bihari (1600 M) basa Sunda mangrupa basa Nagara di Karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, Sunda jeung Padjajaran. Patali jeung kalungguhan ieu, basa Sunda mangsa harita miboga pungsi pikeun ;

–          Basa Resmi kanagaraan

–          Basa resmi pangwangunan kanagaraan

–          Basa di paké mekarkeun budaya

–          Basa panganteur nu resmi di paguron-paguron.

 

Dina mangsa kamari (1600-1945 M) basa Sunda téh aya dina mangsa transisi tina basa Nagara jadi basa daérah nu di paké di wewengkon-wewengkon nu tangtu, samodél Priangan, Banten, Sundakalapa, Sukapura, jst. Dina mangsa transisi ieu basa Sunda loba narima pangaruh basa deungeun samodél Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda, kitu deui basa Inggris mangaruhan ngaliwatan basa Indonésia.

Nya kiwari, basa Sunda boga kalungguhan salaku basa daérah. Luyu jeung UUD 1945, Bab XV pasal 36 ngeunaan; yén wewengkon-wewengkon nu mibanda kénéh basa daérah samodél Sunda, Jawa, Bali jeung Madura anu dipiara tur di paraké kénéh ku masarakatna, basa daérah bakal di piara ku nagara. Ari sababna, éta basa –basa téh mangrupa salahsahiji unsur tina kabudayaan nasional.

Tina kalungguhan éta, basa Sunda dicindekkeun dina Seminar Politik Bahasa Nasional mibanda pungsi :

–          Lambang kareueus daérah

–          Lambang idéntitas daérah

–          Pakakas gaul di lingkungan kulawarga jeung masarakat daérah

–          Basa panganteur sakola dasar mimiti kelas 1 nepi ka kelas 3.

–          Pangrojong basa nasional

–          Pangrojong jeung pamekar kabudayaan Nasonal.

 

Dimuat di HU. Kabar Priangan. Ligar Edisi Jumaah, 2 Agustus 2013

 

 

 

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: