Patanjala

Lokalitas

Dongéng Abah Warung

Ku : Hayati Mayang Arum

abah

Abah warung kitu katelahna. Hiji jalma nu boga warung panggedéna di Kampungéta mah. Manéhna geus kasohor, kawentar kajanapria ku kapinteran élmu beladirina, pedit jeung telengesna, sarta ku kakejemannana. Geus puguh deui ari ku harga-harga dagangannanu marahal mah geus jadi sabiwir hiji, nyekék ka rahayat leutik.

Beungeutna béwos jémros budi amprotan. Ceuk paribasana, tukang bobok tukang tarok, tukang nyingkab-nyingkabkeun anderok.

Ari pangna disebutAbah Warung, sabab di kampung éta mah nya manéhna nu ngajawara miboga warung najan hargana minculak pang marahalna gé, ih keukeuh waé masarakat téh sok balanja ka manéhna. Pirajeunan aya nu maksa ngawarung ogé teu manggapulia, teu waluya kalah béak jeung lebu-lebuna. Geus lir ari warung leuleutikan mah tara-tara acan payu, sok kalah kukud pépérén. Duka naon méjikna, duka naon pélétna, éta Abah Warung téh, lantaran taya pisan jalma nu apal sok komo wani nindak mah.

Nya ahirna mah, masarakat téh taya nu wanieun deui ngawangun warung. Rék warung gedé rék nu leutik ayeuna mah bubar katawuran. Komo kitu geus aya nu kajadian nepi ka ludes, béak jeung lebu-lebuna. Nya ayeuna Abah warung téh jadi jalma pang beungharna salieuk bréh, bru dijuru bro dipanto ngalayah ditengah imah. Ceuk paribasana réa ketan-réa keton, lubak-libuk loba lauk. Atuh warungna ogé beuki ngarekan, beuki loba nu balanjana nepi ka kampung tatangga ogé loba nu datang ngahaja ngajugjug ngadon baralanja. Najan hargana leuwih ti misti ogé, tetep waé dibareulian, samalah nu leuwih héranna, éta warung téh tara reureuh-reureuh kunu balanja. Tur loba naker jalma nu dipikawanoh ku manéhna. Duka timana jolna.

Abah Warung geus jadi sabiwir hiji teu dimana teu dinu kumaha pasti jadi bahan obrolan balaréa. Kaosohor ku minculakna loba nu ngadadak suudon, nyangka nu lain-lain. Aya nu nyangka ngamonyét, ngiperi, nyegik jeung rupa-rupa panyangka jalma lainna.

Nya meunang sababarha taun mah warungna Abah Warung téh beuki maju. Samalah geus kabeuli gedong sigrong jeung mobil sédan pang méwahna sagala. Atuh kebon jeung jeung sawahna ogé lega meunang maksa mirusa ti rahayat dipaksa dibeuli ku harga anu teu sabanding. Teu héran lamun loba masarakat nu malarat katalangsara alatan kakejemannana. Loba nu isuk bubur sore nganggur lantaran sawahna dibeuli kalawan paksa. Nya ku awahing butuh pikeun nyumponan pangabutuhna, kapaksa loba masarakat nu nganjuk ngahutang ka Abah Warung. Ngaran-ngaran iinjeuman ka jalma satengah sétan, teu héran lamun kudu maké leuwih téh. Dirénten-réntenkeun taya ras-rasan. Geus teu anéh deui lamun loba jalma nu di siksa, dicarékan lak-lak dasar lamun pareng ditagih hutanghenteu mayar. Kadang sok notorogan téga nepi ka di jabelna imah atawa pakaya. Atawa lamun kabeneran nu ngahutang baga anak parawan sok di pénta paksa dijieun pamajikanna.

Ceuk cohagna mah éta Abah Warung téh manusa satengah iblis nu keur mungpang-meungpeung teu inget kana umur nu geus cueut ka hareup geus bau taneuh, harta banda jeung wanoja nu jadi cocooannana. Meres nu leutik karesep jeung pagawéanna. Licik curaling héséélingna.

Tapi ngaran-ngaran hirup di dunya mah taya nu lana taya nu jaya salawasna. Hiji waktu tinangtu aya apesna, sabab di dunya mah moal leupas tina kudrat ilahi nyaéta keuna ku sipat papasangan. Komo deui ieu kalakuan Abah Warung geus leuwih tina watesan. Atuh nu Kawasa ogé piraku rék ngantep.

Dina hiji waktu Abah Warung kakara balik nagihan samalah tas nyiksa hiji aki-aki, nepi ka satengah paéh lantaran dirangkétan maké cambeti. Barang datang ka imah kasampak taya sasaha. Pamajikan-pamajikanna taya hiji-hiji acan. Harita Abah Warung gegeroan tapi taya nu némbalan hiji ogé.

Ngadadak sirahna karasa puyeng jeung lalungsé. Koloyong asup ka pangkéngna tuluy ngedeng. Reup saré. Sapanjang saréna teu weleh diririwaan ku ngimpi goréng pikasieuneun, narémbongan deui kalakuan manéhna sawatara waktu ka tukang, kitu deui waktu nyiksa aki-aki téa.

Cunduk waktuna ninggang mangsana panyakit datang kabéh Abah Warung gering ripuh. Tabib teu bisa nyageurkeun. Dukun lepus paraji sakti pada taluk. Kabéh dukun jeung pananyaan dikerahkeun tapi taya pisan parobahan, kalah dukun matuh panyakit matuh ceuk paribasana.

Dina hiji poé datang hiji kiyai ka imah Abah Warung. Anjeuna ngajak éling nitah tobat. Tapi keukeuh Abah Warung embung sadar. Diaping titah maca sahadat ogé hésé pokna kalah nyambat-nyambat harta banda jeung pamajikanna. Atuh geus karuhan kitu mah éta kiayi téh angkat deui. Ngan saméméh jung, anjeuna sasauran ka masarakat nu aya didinya “Kantun ngantos dawuh Gusti tos kieu mah. Mung peupeujeuh teu kénging dicaraketan teuing ieu bumi. Margi katingalna mah badé aya kajantenan nu teu di duga-duga. Wallahualambisawab!”

Nya ti harita masarakat tara daék ting dareukeut kabéh bubar balik deui kana pagawéana masing-masing.

Abah Warung ngalempreh di kamarna sorangan taya nu maturan. Teu kanyahoan duka timana datangna seuneu geus ngabebela mapai ngalétak imahna nu sigrong tur aggrég. Beuki lila beuki gedé nu ahirna ngaberedeg kahuruan. Abah Warung di jero teu bisa walakaya, ahirna kaduruk jadi areng. Kabéh bandana béak taya nu nyésa.

Keur kitu alam ngadadak génjlong reup poék. Cur hujan dibarengan angin gedé pisan. Gelap dor-dar pikakeueungeun. Dunya asa rék runtuh ceuk nu rahul mah. Ceuk sakaol ceunah kajadian éta téh pangjajap ka para siluman silemin jeung iblis nu lila ngabdi bari mepéndé ngajak cilaka ka Abah Warung. Harita maranéhna geus lekasan ngogoda ngarancanana, lantaran Abah Warung geus hasil di cilakakeun jeung jadi balad maranéhna isuk jaga di naraka.

Isukna kiayi datang deui ka atempatan Abah Warung, bari ngan bati gogodeg bari ngusapan dadana. Pok anjeunna ngagalindeng sasauran “ Inalillahi wainailaihi rojiun, deudeuh teuing anjeun palastra teu dina rohman rohimna Gusti. Can kaburu tobat, tebih tina husnul hotimah. Tapi muga-muga waé amal anjeun ditampi tur di ringankeun tina sagala siksana.”

“Aamiin!” walon warga nu ngariung.

“Muga waé ulah rék ngaganggu ngaharu biru deui ka urang sadaya. Urang jadikeun eunteung waé candak hikmahna. Peupeujeuh ulah rék silo kabawa ku ni’mat dunya sorga nu matak cilaka.” Saur éta Kiayi bari angkat ninggalkeun éta tempat.

Nya ti harita kampung téh ayem tengtrem gemah ripah rahayatna walagri deui. Suka bungah suda kasusah. Ari tempat kurut imah Abah Warung jadi tempat nu angar teu jadi jukut-jukut acan, balukar tina kukurutan tempat nu jadi sayang siluman tempat mijahna barakasakan.

—TAMAT—

 

Dimuat di Ligar, H.U Kabar Priangan. Jumaah, 28 Juni 2013.

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: