Patanjala

Lokalitas

Ipisna Idéalisme Masarakat kana Basa Daérah

Ku: Hayati Mayang Arum

Rasa kareueus kana budaya sorangan, beuki dieu beuki ipis baé. Pakta di lapangan geus jadi bukti anu nyata yén kiwari tali raga katineung kana budaya, hususna basa daérah téh geus ampir pegat. Contona baé, basa indung nu saolah-olah ditundung, rundayan anyar jarang pisan diwanohkeun kana basa rasana, basa daérah buktina. Didieu pisan gambaran anu goréng tina kalolobaan masarakat di Indonésia.

Kurangna rasa idéalisme di tiap-tiap daérah ieu bakal jadi balukar anu kurang hadé kana kalumangsungan dunya atikan jurusan basa daérah di Universitas. Contona baé dina sababaraha taun ka tukang, jurusan basa daérah di UPI jeung UNPAD leuwih saeutik nu minatna dibandingkeun jeung jurusan-jurusan séjén.

Para lulusan SMA nu niat rék neruskeun ngadadak mikir panjang nalika ditawaran asup ka basa daérah. Maranéhna saolah-olah géngsi asup ka jurusan ieu. Dianggapna jurusan basa daérah téh pamiceunan pikeun siswa-siswa anu teu katarima dina pilihan kahijina. Komo deui loba anu nganggap yén diajar basa daérah téh hiji hal anu mubah kamahal-mahal biaya, boga anggapan diajar basa daérah mah teu kudu sakola luhur, cukup dajar di lingkungan waé. Padahal dina kanyataana mah diajar budaya jeung basa daérah teu sagampang anu dipikirkeun sabab kalintang jembarna aspék –aspék nu kudu dipelajari.

Ku kaayaan-kaayaan sarupa kitu, ahirna teu saeutik anu lolos basa daérah téh alatan dipaksa ku kaayaan. Pilihanna daripada teu katarima diditu didieu dina jurusan nu dipikahayangna, jeung daripada nganggur teu kuliah nya kapaksa basa daérah jadi pilihan ahir, sabab dianggap sapélé jeung gampang asupna.

Nganggap réméh kana basa daérah hiji kaayaan anu kacida pikamelangeunna. Nilik kana sipat basa jeung budaya anu bakal kuat jeung lumangsung kalayan langgeng téh saupama dijaga jeung dirumat kunu boga budayana. Lamun téa mah nu bogana ogé geus teu mikirkeun kana kalumangsungan basa daérahna, kumaha kahareupna nasib basa-basa daérah di Indonésia. Sedengkeun, kuatna nusantara téh ku ayana kakuatan jeung karempegan séké sélérna. Kitu deui citra jurusan basa daérah bakal beuki ruksak, saupama ieu jurusan dianggap pamiceunan, dianggap gampang dina seleksina, jeung dianggap kumpulan jalma-jalma anu kapaksa. Sajaba balukar-balukar éta, ogé bakal nimbulkeun masalah katengtreman mahasiswana sorangan. bakal ngarasa teu betah jeung loba nu teu asup kana perkuliahan.

Ku ayana anggapan-anggapan éta, jurusan basa daérah di cap teu ngajamin kana kalumangsungan hirup kahareupna. Dianggap madesu jeung hésé néangan gawé, sabab nilik tina kaayaan yén mémang jurusan basa daérah mah teu ditujukeun pikeun ngeusi lapangan gawé komo deui nyiptakeun lapangan pagawéan. Dina saenyana aya ogé bisa nyiptakeun éta mah tina kasadaran jeung kréatifitas anu teu bisa leupas tiana ajén-ajén idélisme.

Anggapan teu ngajamin kana kahirupan, jeung jabatan éta, geus ngotoran pamikiran masarakat pikeun asup ka jurusan basa daérah. Kakara, sabada aya warta yén lulusan basa daérah keur dibutuhkeun, siswa loba nu paboro-boro asup kana basa daérah. Hal ieu katara deui yén asupna ka basa daérah lain pédah bukti kareueus kana budaya, tapi ngudag gampangna pagawéan jeung gampang diangkat jadi PNS. Hal ieu dibuktikeun ogé ku UPI jeung UNPAD anu minat kana jurusan basa daérah taun ayeuna leuwih ningkat ti saméméhna.

Tapi najan kitu, perkara-perkara ieu teu kudu jadi pacéngkadan, angguran urang babarengan numuwuhkeun rasa kareueus jeung daék maliré kana budaya sorangan. Rasa idéalisme kana budaya nu geus ipis urang babarengan kandelan deui ku cara boga tujuan jeung cita-cita luhur nanjeurkeun budaya daérah, salaku panyokong budaya Nasional. Aya paribasa dina samanggar kalapa ogé tara goréng kabéh, kitu deui masarakat di unggal daérah pasti aya sababaraha diantarana anu masih neundeun raga katineung kana basa daérahna séwang-séwangan. Masalah kapaksa asup ka basa daérah alatan rupa-rupa alesan teu jadi masalah, sugan kahareupna mah alatan dipaksa jadi kapaksa, biasa jeung nu ahirna jadi budaya.

 

Dimuat di Ligar, H.U Kabar Priangan. Jumaah 29 Maret 2014

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: