Patanjala

Lokalitas

Ngayogyakarta

Nu Istiméwa di Kota Istiméwa

Catetan Lalampahan Wisata Budaya ka Pawétanan

Ku: Hayati Mayang Arum

Hiji catetan lalampahan nu teu bisa dipopohokeun kitu waé. Kahatur kanggo “Kawan-kawan” di Djogja, ogé masarakatna nu teu kendat micinta basa daérahna. Kahatur ogé, ka Désa Jagalan, Kacamatan Kota Gedé anu nyimpen kaéndahan di satukangeun sakralitas titinggal budayana.

Di Patilasan Karaton Mataram

Di Patilasan Karaton Mataram

Hawa angin wétan geus karasa meleberna. Hiliwirna terus tembus kana angen-angen. Ngajak ulin batin, ngayun-ngambingkeun imajinasi anu terus réplék matalikeun sawangan jeung naskah-naskah sajarah anu kungsi di baca. Kumaha enas-enasna kumaha patalina jeung kumaha situasina di jaman baheula, terus-terusan diwawaas dipapantes jeung situasi nu kiwari katempo.

Jam dua beurang kuring saparakanca, geus sah nincak tanah Djogja, tepatna di Stasion Lempuyangan. Kaayaan hawa beuki karasa pisan robahna, nu tadina tiis karasa leuwih bayeungyang. Kitu ogé tina basana, geus loba nu teu kaharti. Tapi najan kitu, teuing naon nu ngabalukarkeunna, parobahan sarupa kitu téh teu mangaruhan kana situasi haté, tetep karasa asa di lembur sorangan, teu ngarasa jauh ti lemah cai, katambah meureun pédah dibagéakeun ku pamapag anu sabasa, tunggal salemah cai. Om Panji, sebutan kameumeut kuring keur anjeunna.

Reureuh sakeudeung di hiji warung tukangeun Stasion, dibagéakeun ku Mbak Sani nu saméméhna ngahaja di kontak. Sono, lila teu patepung. Teu lila ti harita, nu mapagkeun daratang tuluy mawa kuring ngamimitian nyeuseup hawa Djogja nu leuwih lega ambahanana.

 

Kota Gedé jeung Sajarah Cikal Bakal Karajaan Mataram

Zarah ka Makam kulawarga Karaton

Zarah ka Makam kulawarga Karaton

Beuki burit, hawa beuki nyongkab baé. Untung, jalan raya teu macét siga di Bandung. Di dieu mah éstu ngabulungbung. Sabab taya angkot, tur relatif saeutik nu maraké kandaraan bermotor. Lolobana mah béca, andong jeung beus Trans Jogja kitu gé jumlahna ngan ukur salapan siki.

Panas ngadadak kaubaran, sabada motor asup ka hiji gang, di kacamatan Kota Gedé. Tepatna di Désa Jagalan. Kénca jeung katuhu, ti mimiti asup ogé geus boga hawa anu has. Hawa anu ukur bisa kapanggih ku rasa. Imah-imah adat Jawa mapaésan kénca jeung katuhueun jalan. Aya imah kalang nu wangunanna luhur agréng, dipapaés ku reliefrelief . imah Limasan, jeung sababaraha imah adat séjénna. Atra, wangunan-wangunan imah kuno jeung sésa-sésa jaman Mataram masih kagambar di ieu tempat.

Anjog ka hareupeun hiji imah Joglo warna héjo, RT 09 RW 02 Calenan-Jagalan. Karasa hareugeueun kénéh. Sabada dibagéakeun sup ka jerona. Horéng didieu pisan tempat kuring nganjrek pikeun sababaraha poé ka hareup.

Sareng SI Mbah

Sareng SI Mbah

Niténan tina wangunanna ieu imah sigana geus aya umuran. Kiwari sajaba dipaké pikeun cicing, dipaké ogé pikeun sékré karang taruna jeung komunitas pamuda di Désa Jagalan. Pikeun masarakat Jawa Tengah, Kota Gedé hususna imah Joglo téh mangrupa hiji wangun kahormatan pikeun anu bogana, tiap bagian-bagianna ngandung ajén- ajén filosopis anu tangtu. Najan bentuk imahna katempo sederhana, tapi imah Joglo pikeun masarakat Jawa mah dijadikeun ukuran strata sosial anu bogana. Bisa di tilik tina wangun ukiran, ukuran jeung bentuk tihang panyanggana, panto, lampu, jeung hiasan-hiasanna.

Kota Gedé mangrupa wilayah anu jadi cikal bakal karajaan Mataram Islam, dina abad ka-16. Anu saméméhna, dina abad ka-8 mah wilayah Mataram atawa kiwari Djogjakarta téh, magrupa puseur karajaan Mataram Hindu, nu ngawasa pulo Jawa, nepi ka mampuh ngawangun candi kuno, di antarana Borobudur jeung Prambanan.

Ceuk ujaring carita anu katarima, dina abad ka-10 karajaan mindahkeun puseur pamaréntahanna ka Jawa Timur, tur teu dikanyahokeun sabab musababna. Kitu ogé rahayatna, marilu pindah nepi ka éta patempatan kutut puseur dayeuh téh robah jadi leuweung geledegan. Genep abad ti harita, Sultan Hadiwijaya ti Kasultanan Pajang anu ngawasa Jawa Tengah mangsa harita, ngahadiahkeun Alas Mentaok2 ka Ki Gedé Pamanahan kulantaran manéhna geus hasil ngéléhkeun musuh Karajaan. Sing horéng, éta Alas Mentaok téh nya leuweung anu kurut puseur dayeuh Mataram Hindu anu baheula ditinggalkeun.

DSC_0013

Kénca: Bénténg Karaton

Nya ti harita, Ki Gedé Pamanahan nyiptakeun lembur nu subur, terus dituluykeun ku anakna katelah Ingalaga nepi ka beuki ramé tur dibéré ngaran Kota Gedé. Sénapati tuluy ngawangun bénteng pertahanan dua lapis bénténg jero disebut cepuri bénténg luar disebut baluwarti anu ngurilingan Kota Gede tur dilengkepan ku walungan pertahanan.

Nalika Karajaan Pajang aya parebutan kakuasaan, antara Pangéran Benawa jeung Arya Pangiri, nepi ka Benawa disingkirkeun ku Arya Pangiri. Satuluyna Benawa menta bala bantuan ka ka Sénapati nepi ka perangna. Arya Pangiri éléh ku Sénapati. Benawa nawarkeun tahta Pajang ka Sénapati salaku pamulang tarima, tapi ditolak. Sataun ti harita, saméméh Benawa tilar dunya kungsi méré amanat sangkan Pajang dipingpin ku Sénapati. Nya ti harita, Senapati jadi raja munggaran di Karajaan Mataram Islam, tur demi rasa hormat ka Sultan Hadiwijaya jeung Benawa, Inyana teu maké gelar Sultan, tapi Panembahan.

Gafura Karaton

Gapura Karaton

Dina kakawasaanna, Panembahan geus hasil ngalegaan wilayah nepi ka Madiun, Pati jeung Pasuruan. Taun 1601 Inyana tilar tur di makamkeun di Kota Gedé deukeut makam Bapana. Puncak kajayaan Mataram aya dina kakawasaan raja Ka-3, Sultan Agung incu ti panembahan. Nepi ka ngawasa hampir kabéh Pulo Jawa, iwal ti Batavia jeung Banten.

Hanjakal, dina taun 1613, Sultan Agung mindahkeun pusat karajaanna ka Karta, deukeut Pléréd. Nya ti harita mangsa pamungkas pikeun Kota Gedé jadi puseur karajaan mataram Islam.

 

 

Tinggal Budaya jeung Pakasaban Masarakatna

Dina ukuran periode pamarétahan anu cukup lila, teu matak héran saupama Kota Gedé miboga titinggal karajaan anu kacida loba tur monuméntal nepi ka kiwari. Di antarana titinggal-titinggalna téh di antarana aya masjid, pasar, bénténg, makam, imah kuno, sendang saliran, jst, anapon anu kaanjangan waktu di karaton Kota Gedé di antarana:

–          Masjid Kota Gedé

Masjid ieu masih weweg nangtung agréng di Kota Gedé, kalayan jadi masjid pangkolotna di Jogjakarta. Di wangun dina taun 1583-1601, jaman Sénapati.

–          Bénteng

Bénténg ieu sésa bénténg anu di wangun ku Senapati, kandelna kurang leuwih sameter, bahan dasarna tina bata.

–          Kompléks Makam Para Pangagung

Makam ieu aya di satukangeun masjid, tur ngaliwatan tilu gapura corak Hindu pikeun asup ka jerona. Pikeun ngahormat ka para luluhur nu ngadegkeun karajaan, di komplek makam teu meunang motoan tur kudu maké pakéan adat pikeun anu boga niat asup atawa jarah ka jerona.

–          Pasar

Pasar Kota Gedé mangrupa pasar tradisional anu nepi ka kiwari masih hirup.

–          Parit Pertahanan

Mangrupa ciri has bénténg pertahanan karajaan baheula, magrupa walungan. Jrrd.

DI tempat pengrajin Pérak

Di tempat pengrajin Pérak

Anu jadi daya tarik di Kota Gedé nepi ka kiwari di antarana nyaéta aya rupa-rupa tipe imah tradisional anu masih hirup, najan sawaréh geus aya nu runtuh alatan geus kolot, biasana anu runtuh ieu lolobana tipe imah limasan da ceuk béja aya ogé imah nu diadegkeun abad ka-18an. Tipe-tipe imah tradisional anu masih kénéh aya di desa Jagalan di antarana 73 wangunan Joglo, 22 wangunan pendopo, 17 wangunan jengki, 53 wangunan limasan, 33 wangunan indische, jeung 4 mangrupa wangunan tipe kalang. Imah-imah ieu teu éléh agréng jeung imah tipe ayeuna, malah miboga ajén pleusna magrupa titinggal budaya baheula.

Sajaba ti daya tarik tina heubeulna wangunan, kota Gedé, hususna desa Jagalan ogé miboga daya tarik anu kuat tina widang pakasaban masarakatna, anu méh kabéh boga pakasaban salaku pangrajin pérak. Hal ieu ogé bisa dibuktikeun langsung di sapanjang jalan Kota Gedé bakal nempoan toko pérak nu ngajalajar sisi jalan, éta pérak anu dipajang dina étalase toko téh hasil produk pengrajin anu asalna ti Désa Jagalan. Nyaksian langsung produksi pérak tétéla lain pagawéan nu gampang, najan enya lain gawé beurat tapi butuh kasabaran jeung kakréatifan anu luar biasa.

Kulinér, Komplék Malioboro, jeung Karaton Mangsa Peuting

Wanci Magrib di Angkringan Hareupeun Karaton Mataram

Wanci Magrib di Angkringan Hareupeun Karaton Mataram

Reureuh di angkringan hareupeun karaton Mataram téh mangsa dengdengan magrib. Atuh kabagéan ngalaksanakeun solat magrib di Masjid munggaran di Jogja téh. Tukang dagang di serbu ku kuring sabalad-balad nepi ka kawalahan ngaladangan. Mbak Sani, Om Panji, Mas Adhi, Mas Wahyu, Mas Jhong, jeung balad-baladna Karang Taruna Désa Jagalan séjénna. Saté tahu (tahu dibeuleum) jadi kadaharan andelan di éta angkringan. Ku nimat dahar balakécrakan cukup lima rébu pérak geus bisa dahar jeung ati ampela, goréngan, tahu-témpé jeung sagelas susu.

Bada ngareureuh jeung mandi, sabada Isa tuluy indit ka komplék Malioboro. Najan mangsa peuting di dieu mah hawa téh angger panas béda jeung di Bandung. Lumayan lila hunting jeung niténan kaayaan harita nu beuki peuting beuki ramé waé ku pengunjung.

Wisata Kulinér Gudeg Jogja

Wisata Kulinér Gudeg Jogja

Gudeg jogja, kikil jeung sagelas téh panas geus ngaréngkol dina lambung. Bring laleumpang deui mapay-mapay panjangna jalan, jeung ramena Tugu.

Pabeulitnajalma éstuning rupa-rupa tujuan, ti mimiti nu wisata kulinér, ngadon balanja, ngadon popotoan aya ogé anu asli urang Jogjana mah ngadon nyarieun kagiatan, komunitas sigana mah da geuning aya anu ngagalambar sisi jalan, aya nu maén musik, nu ngadon tingrariung wungkul ogé aya. Harita, sabada ngaabadikeun gedong istana présidén, gedong istana basa pusat pamaréntahan RI dipindahkeun ka Jogja, tuluy dariuk hareupeun hiji wangunan Walanda, katelah wangunan Vredeburg. Lila ngarobrol didinya, dijejeran ku Om Panji, sagala dibahas, nepi ka manjing tengah peuting. Mokaha, pamareng-mareng jeung mapag poé Pendidikan Nasional, atuh bagja bisa ngabagéakeun langsung di kota pendidikan.

Popotoan di Bénténg Karaton Kasultanan

Popotoan di Bénténg Karaton Kasultanan

Jam hiji kakara tingkoléséd, muru tempat nganjrek. Tapi basa ngaliwat ka bénténg karaton bet kataji hayang ngaabadikeun suasana di dinya. Antukna mah lila ngadon popotoan. Ngagayuh ka subuh Jogja masih hirup, sabada meuli kadaharan di angkringan, hareupeun pasar Mataram, sadatangna ka panganjrekan tuluy saré teu nolih nanaon deui.

 

Balanja, Malioboro jeung Sabudeureunna

Mbok Angkringan

Mbok Angkringan

Panon poé geus moncorong ti tebéh wétan. Basa tingkuniang hudang téh tétéla waktu geus beurang, ampir pukul salapan. Sabada mandi jeung siap-siap nangtukeun pilampaheun, bring miang. Dijajapkeun nepi ka halte. Ti dinya tuluy aprak-aprakan mapay-mapay kota Jogja. Malioboro deui nu mimiti di jug-jug, srog ka angkringan tuluy dalahar bari ngarobrol uplek naker jeung Si Mbokna diéngklokan ku tukang parkir jeung tukang dagang séjénna, asa ramé kacida sagala dibahas. Asa jadi urang dinya wé sugan mah, ngobrol sakapeung campur Jawa sakapeung Sunda pada-pada silihwanohkeun basa.

Pulah-pilih Kamonésan

Pulah-pilih Kamonésan

Di Bringharjo lumayan lila. Ngadon kukurilingan néangan rupa-rupa batik keur oleh-oleh caritana mah. Nepi ka lantéy pangluhurna tuluy ngareureuh. Turun deui anjog ka Mirota Batik, didinya disuguhan rupa-rupa pajangan barang kuno. Ti mimiti duit, kaén, barang rumah tangga, pusaka, jeung sajabana. Di Mirota lumayan lila ngaabadikeun gambar bari balanja deui. Wareg di Mirota tuluy naék béca ngahaja ngadon ulin kukurilingan. Bakpia, angkringan, wédang rondé, jeung kadaharan séjénna anu jadi boroan harita téh.

???????????????????????????????Pasosoré geus wareg, suku karasa geus cingkud. Ngareureuh di Mall Malioboro bari sakalian ka Gramediana. Mokaha waktu téh kurang, tempat wisata sabudeur Malioboro teu kaanjangan kabéh da puguh sababaraha tempat balanja ogé geus béak mantén. Saméméh aya anu ngajemput, teu kendat niténan kaayaan. Geuning kasebutna mall ogé ari basana mah keukeuh basa daérah, pikayungyuneun.

Kamonésan-Mirota Batik

Kamonésan-Mirota Batik

 

 

 

 

 

 

 

Karaton Hamengkubuwono jeung Éndahna Laut Baru

Karaton

Karaton

Poé ieu jadi poé nu pamungkas. Teu karasa ulin di Jogja téh asa kakara cikénéh anjog, kiwari geus rék mulang deui. Saged dangdan seja nepungan kasultanan. Anjog ka lawang sakéténg, sabada nyumponan sasaratan asup ka jero, tulu wé bangblas muru palataran jeung wangunan intina. Dipapag ku para abdi sultan jeung patugas. Asup ka jero kabeneran wayang kulit kakara dimimitian. Dilalajoan ku turis lokal jeung asing kuat pagelek-gelek, najan enya nu maraénna aki-aki jeung nini-nini tapi halimpuna gamelan jadi daya tarik anu luat biasa.

Balé Patémon

Balé Patémon

Hanjakal mapay-mapay karaton téh asa teu puguh, teu kungsi wawancara atawa ngobrol panjang lébar. Ukur popotoan jeung ngobrol sautak-saeutik, da éta atuh kasungkeret ku waktu nu terus nyérélék. Hayang kaboro ka basisir deuih. Antukna manjing ka lohor gé geus indit deui muru Pantai Baru.

Sajam lalampahan, geus nepi ka tujuan. Gelebug angin laut geus karasa neumbag awak tur kaambeu seungit anu has ti lautan. Ombak tinggejebur ngagulung paudag-udag siga nu hayang paheula-heula muru basisir, ngabagéakeun kuring nu anteng ngajengjen nyawang ka jauhna.

???????????????????????????????Teu lila, beuleum lauk kadaharan kameumeut jeung batur-baturna geus sayagi. Handapeun liliuh mangrove brak balakécrakan. Suka bungah bari gogonjakan digeberan hiliwir angin basisir.

Waktu nyérélék ukur sakoréléng geu burit deui. Beurat birit rék cengkat, beurat haté ninggalkeunana. Jogjakarta lir muntangan, haté gé merod hayang lila di ieu tempat. Tapi waktu teu bisa diparasabenan, abong waktu mah saklek antukna teu bisa majar kumaha. Miang ti Désa Jagalan satengah tujuh, anjog ka Lempuyangan karéta geus siap nungguan muru ka kulonkeun. Pileuleuyan pawétanan, isuk géto tepung deui.

Narsis ^-^

Narsis ^-^

Pileuleuyan Mas, Mbak, Mbok jeung Mbah. Pileuleuyan Om Panji, Mbak Sani, Mas Wahyu, Mas Momo jeung pulisi nu nilang basa balik ti Pantai Baru. Nuhun kenang-kenanganna. Haturnuhun sadayana, haturnuhun karang taruna Désa Jagalan. Mas Adhi, Mas Jhong, Mery, dkk.

 

Iklan

2 Komentar

    • Hehe Muhun mugi aya mangfaatna 🙂

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: