Patanjala

Lokalitas

Sajarah Kamekaran Sastra Sunda tina Pangaruh Mataram-Walanda

Bujangga Manik (Sumber:javaneseeagle.blogspot.com)

Bujangga Manik (Sumber gambar: javaneseeagle.blogspot.com)

Ku: Hayati Mayang Arum

Mangsa ka-hiji jeung ka-dua

Jauh saméméh modern siga ayeuna, dina abad ka-16 karya sastra Sunda geus kapanggih mangrupa wangun naskah anu disebut naskah Bujangga Manik jeung naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKS). SSKS dijadikeun cecekelan keur saheulaanan pikeun nangtukeun ti iraha mimiti kamekaran sastra Sunda sacara tinulis jeung sastra naon waé anu kungsi mekar saméméh abad ka-16. Kulataran data ngeunaan sastra méméh 1518-an mah hésé, nya SSKS dirékoméndasikeun salaku cecekelana. Najan ieu naskah eusina lain sastra tapi dijerona nataan ngeunaan rupa-rupa karya sastra anu kungsi hirup jauh saméméh naskah ieu djieun.

Sanghyang Siksa Kandang Karesian  (sumber: www.dbkomik.com)

Conto Naskah Sunda
     (sumber gambar: http://www.dbkomik.com)

Karya sastra anu ditataan dina ieu naskah téh nyaéta; dongéng, kakawihan, carita wayang, pantun, kawih, mantra jeung kaulinan barudak. Malah disebutkeun ogé, yén; boh pantun, dongeng jeung karya sastra anu disebutkeun dina naskah miboga ahlina séwang-séwangan. Upamana waé prépantun pikeun ahli pantun, ma memen pikeun ahli carita atawa dongéng, jeung saterusna.

Teu gampang mémang nangtukeun ti iraha ayana sastra Sunda téh, tangtuna kudu aya bukti-bukti anu kuat ngeunaan titimangsa jeung karyana. Naskah anu patali jeung tradisi tulis urang Sunda kacida dibutuhkeun pisan pikeun nalungtik ieu hal sedengkeun naskah ti méméh abad ka-16 mah kacida héséna. Sabab ayana naskah Sunda kuno téh sabada urang Sunda wanoh jeung aksara Fallawa ti India. Kitu ogé teu kabéh, ukur kalangan-kalangan anu tangtu.

Dina taun 1600-1800-an atawa sok disebut mangsa ka-dua dina perkembangan sajarah sastra Sunda, karya sastra Sunda geus meunang pangaruh ti Mataram lantaran Sunda geus di kawasa ku Mataram. Abad ka-17an Mataram beuki nyoksok jero nepi ka ngadegkeun kakawasaanna di tatar Sunda sarta basa Jawa dipaké komunikasi masarakatna. Kitu deui karya sastrana. Basa Jawa jeung pangaruh kana karya sastra kacida mangaruhanna, utamana di kalangan bangsawan. Nepi ka boga anggapan yén lamun ngobrol atawa ngirim surat teu maké basa Jawa ka pajabat téh dianggap teu sopan.

Pangaruh kana karya sastra Sunda anu mimiti nyaéta dina wangun pupuh. Nepi ka loba karya dina wangun wawacan jeung guguritan. Kalayan naskah wawacan anu dianggap pangkolotna dina mangsa ieu, nurutkeun Edy S. Ékadjati mah wawacan Cariosan Prabu Siliwangi. Dina mangsa ieu ogé Walanda mimiti asup kana kahirupan urang Sunda. Otomatis pangaruh mataram jeung agama Islamna, kitu deui Éropah kalintang mangaruhanna. Wanda sastra Sunda anu geus kapangaruhan ku Islam dicirian ku ayana aksara Pégon, (aksara Arab) anu diluyukeun jeung éjaan Sunda jeung pupujian.

Aksara Sunda kuno mimiti kagésér kaayaana ku Pégon lantaran urang Sunda geus loba anu ngagem agama Islam. Karya sastra anu hirup mangsa harita di antarana; Carita Waruga Guru, Babad Galuh(Carios Wiwitan Raja-raja di Pulou Jawa), Sajarah Galuh Bareng galunggung, Carita Nyi Lokatmala jeung Kawih Gondang Asmagama.

Teu cukup ku karya Sastrana wungkul Mataram mangaruhan kana kahirupan urang Sunda téh. Tapi katitén ogé dina wangun kasenian, arsitektur, administrasi pamaréntahan, jeung gaya hirupna. Malah asupna Mataram ka tatar Sunda téh ngabalukarkeun asupna sastra jeung éstétika Jawa, dalah wawacan ogé mimitina mah tarjamaahan tina sastra Jawa.

Mangsa ka-tilu; Pangaruh Éropah kana Karya Sastra Sunda

Sunda teu euih-euih dijajah jeung meunang pangaruh deungeun. Sabada wawanohan jeung karya sastra bawa Mataram jol deui pangaruh Walanda. Loba kacida sarjana jeung misionaris anu datang ka Sunda tur ngadon mukim-mukim. Tapi teu ieuh rugi wungkul anu katarima ku urang Sunda ku ayana panjajahan ku Walanda téh, untungna ogé kacida lobana. Nepi ka urang Sunda mah leuwih tiheula aya kamajuan dina widang karya sastra, atikan jeung tata kahirupan. Hal ieu dicirian ku ayana doktor ti urang Sunda anu kuliah di luar nagri tur jadi doktor munggaran sa-Indonésia dina taun 1913, katelah Dr. Husén Djajadiningrat. Sajaba ti éta kauntugan lain, ayana buku terbitan novel jeung carpon nu leuwih tiheula batan karya sastra Indonésia, ngajadikeun basa Sunda jadi basa nu madeg mandiri (lain bagian tina basa jawa deui). Para sarjana Walanda migawé ulikan adat-istiadat jeung kabudayaan masarakat Sunda. Tur nyieun watesa ngeunaan sastra Sunda, Jawa jeung Madura.

Tapi sajaba ti madeg mandirikeun urang Sunda dina widang adat istiadat, sastra jeung basana, singhoréng para sarjana maluruh ngeunaan basa Sunda téh pikeun méré pangaruh agama Protéstan. Nya dina mangsa harita ogé pagaruh para penginjil jadi ngadominasi kahirupan masarakat Sunda, dicirian ku ayana kagiatan narjamahkeun alkitab kana basa Sunda.

Pangaruh-pangaruh nu dibikeun kana kamekaran sastra Sunda ti pihak Walanda di antarana;

Média Basa nu digunakeun, mimiti ngagunakeun basa Sunda tinulis. Karya-karya sastra lisan samodél kakawihan, sisindiran, dongéng, macapat, carita pantun jeung nu laina mimiti diterbitkeun. Anu ngamimitian narékahan penerbitan dna wangun basa Sunda ieu téh nyaéta K.F Holle (1829-1896) anu sosobatan dalit pisan jeung Moehamad Moesa tur dicitak di percétakan pamaréntah Walanda di Batavia. Anu munggaran diterbitkeun téh nyaéta Kitab Pagajaran Basa Sunda (1849/1850) anu jumlahna 1.490eks. kandelna 24 kaca. Disebarkeun pikeun ka sakola-sakola.

Aksara jeung keretas ganti jadi teu ngagunakeun deui aksara pégon atawa aksara Sunda kuno tapi ku latén tur teu ngagunakeun deui daluang tapi keretas éropah. Nya ti harita boh tata administrasi, boh pangajaran di Sakola atawa di masarakat aksara anu hirup téh aksara latén. Karya sastra dina wangun naskah pégon jeung sunda kuno ogé di translitasikeun kana latén tur dicitak.

(Hanca…)

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: