Patanjala

Lokalitas

Dongéng: SASAKALA GADUNG MATAK WEUREU

Ku: Hayati Mayang Arum

Dongéng jeung Ilustrasi di H.U Kabar Priangan

Dongéng jeung Ilustrasi di H.U Kabar Priangan

Ti tadi Si Nini gawé ngan ambek-ambekan, kulantaran ti isuk-isuk Si Aki can balik waé ti leuweungna. Sakitu panon poé geus manceran can waé jol. Mangkaning euweuh suluh sapahul-pahul acan. Pagawéan Si Nini cilingcingcat ka luar ka jero jiga hayam keur kumahkar. “Na kumaha ari pipikiran aki-aki téh nya, sakieu geus beurang can jebul waé, mangkaning geus sakieu laparna, rék ngéjo kumaha ari euweuh suluh mah asa piraku ari diteurey maung onaman mah.” Ceuk Si Nini kukulutus di dapur bari satengah ngabeubeutkeun manéh, diuk hareupeun hawu.

Rurut-rérét kana palupuh geus celong balas dicokotan hiji-hiji. Sabab unggal poé Si Aki telat balik ngala suluh ti leuweung. Sabab butuh suluh Si Nini pirajeunan maut palupuh. Najan teu unggal poé ari ku sering mah teu burung ampir béak. Tapi ayeuna mah Si Nini teu téga lamun kudu maut deui palupuh. Tungtungna ngaheruk bari haté jéngkél liwat saking.

Ditugguan lila ti lila ahirna kasabaran Si Nini béak ogé.  Jrut waé turun ka buruan tuluy ngabrig-brig indit ka leuweung maksudna rék néang Si Aki, nu teu jebul-jebul.

Teu lila Si Nini geus nepi ka leuweung. Bubuhan nu dijurung ku napsu téa, lempangana ogé nirilik alahbatan puyuh.

Si Nini kokotéténgan di leuweung ngaksruk néangan salakina, bari jeung satengah rawah-riwih garo singsat. Keuheul campur hariwang sabab Si Aki teu kadéngé batuk-batukna acan. Ka tonggoh ka landeuh pagawéan Si Nini harita bari teu weleh nyalukkan Si Aki.

Teu lila brek Si Nini diuk meubeutkeun manéh kana lemah. Ngalungsar béakeun tanaga. Teuteupna mencrong ka jauhna nempokeun ting runggunukna rungkun saliara. Teu lila ti harita, Si Nini curinghak mirengeuh aya nu ngelun tina sela-sela rungkun ki rinyuh. Tuluy cengkat dijugjug tuturubun deui.

Barang anjog ka éta sumber haseup, bréh téh kasampak hiji lalaki geus bengkung keur mendeko ngahenggoy ngadaharan, beuleum gadung. Areuyna ayang-ayangan di sabudeuren durukkan. Si Aki bangun anu ni’mat pisan cacaleuhakkan ngadaharan beuleum gadung nu ngepruy tur pulen.

Mireungeuh kitu, Si Nini bati rénghap ranjugna waé. Dadana turun naék nahan amarah. Rurut-rérét katara Si Aki can ngala suluh sarégang-régang acan. Teu kaampeuh deui ngan gantawang Si Nini nyarékan bari tonggong Si Aki di suntrungkrun “Lakadalah kieu waé meureun pagawéan sapopoé téh. Lainna mantuan pamajikkan néngan kipayah atuh sing suhud néangan-néangan suluh ilaing téh Aki! Euweuh pisan kagadag hirup téh! Dasar aki-aki kolot ku manéh. Si nurustunjung si gélo siah!”

Nempo pamajikanna ambek-ambekan teu sirik matana ngarajleng kaluar, Si Aki bati olohok bari calawak, taksiran kasima katambah kaselek waktu tadi disuntrungkeun. Si Nini terus-terusan ngawakwak nyarékan. Amarahna mudal poé harita sanggeus ditumpuk-tumpuk sakitu lilana.

Si Aki teu bisa mingé deui, ukur bisa balangap-belengep siga boncél. Teu antaparah deui si nini ngarebut sakabéh beuleum gadung nu keur di sanghareupan ku Si Aki. Ngan Cér waé dikiihan kalayan di supataan éta gadung.

Juru Dongéng; di Kelas Mata Kuliah Aprésiasi Prosa

Jadi Juru Dongéng; di Kelas Mata Kuliah Aprésiasi Prosa

“Pék tah teurey deui ari nyaah mah kana beuleum gadung!” Ceuk Si Nini siga nu hayang puas. Kulantaran katingali aya nu teu kakiihan, ku Si Aki di huapkeun deui, bari harugas-harégos, pok Si Aki nyarita “Hampura kuring manéhna, rumasa kuring salah. Isuk mah moal rék sakali-kali deui déwék kikieuan.” Si Nini teu némbalan léos balik ka imah bari carindakdak ngarasa dosa geus nyarékan salakina.

Ti kajauhan, pucenghis, Si Aki kakara mucenghis manggul suluh bari kalayang-koloyong. Diawaskeun tina jandéla ku Si Nini. Barang gubrag suluh, gubrag ogé Si Aki dina panyawéran. Taksiran weureu gadung, nu kakiihan teu kahaja kadahar ku Si Aki awahing ku pogot ngahénggoy beuleum gadung. Ti harita gadung ngandung racun, sabab disupata ku Si Nini. Lamun pareng hayang kaolahan tina gadung, hésé pisan ngolahna samalah kudu dikeueum salila saminggu di walungan pikeun miceun racunna.

Dimuat di Ligar, H.U Kabar Priangan. Jumaah 31 Méi 2013

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: